Selasa, 09 Juli 2013

Dinten Ieu...

Oleh: Elis Suryani


Dinten ieu…
dinten nu urang sadaya...
dinten pameungkeut geugeut
patarémana antarrasa
nu pinuh kabingah...
sasih Syaban nu endah tur pinuh barokah...

Dinten ieu..
urang siraman ku kawih
dinten énjing urang siraman ku tembang
dinten pageto urang siraman ku galindeng
sungkem kadeudeuh
anu maneuh..pageuh
saterasna urang silih siraman ku wawangi
wawangi anu nyambuang
meleber seungit arum ngadalingding
muru pitutur pingpitu
gapuraning rahayu.

Dinten ieu…
urang silih lubarkeun rereged
nu nyangkaruk dina ati sanubari
urang silih bangblaskeun rasa
nu teu weléh ngukuntit batin
taya geuneuk taya maleukmeuk
beresih lahir beresih batin
caang bulan opat welas

Neda tawakupna
tansah sono sumolondo
seja neda sihapunten
samudaya kalepatan
sanaos teu paantel réma
nanging haté mah angger cumantél
mindahkeun rasa rumasa
da bongan jalma mah tempatna salah
adigung lamun ngarasa bener sorangan.

Dinten ieu ……..
cunduk waktu …pikeun silih lubarkeun dosa
ku silih sih hampura….
mayunan sasih Shaum....
mugia urang ginanjar kawilujengan
tur salamina aya dina panangtayungan..Manten-Na
Alloh Nu Maha Mulya.....!
Marhaban yaa Ramadan.....!
Mugia 'shaum' urang tinekanan sapaneja...!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Please Uktub Your Ro'yi Here...